Ibu kepada anak (Sunda) | Puisi kehidupan

Kumpulan sajak/puisi tentang ibu kepada anak

Juringkang mangsa
Siga rek wekasan
Alam mayapada ngabarungsinang
Seunggah rek lumampah
Sabab pangeusina paceklik ati
Malarat ku kaheman

Ngoletrak asih taya bangkarakna
Panyakit ati teu daek ngungsi
Migusti ka Nu Kawasa saukur saulas
Teu manceg na rasa nu neumrak
Teu mancuh na tangtungan
Ngoleang siga langlayangan

Juringkang mangsa
Siga rek wekasan
Nu rumingkang tas teu napas
Dina lampah nu merenah
Gawe susumbar nembongkeun aib
Tapak lacak dosa noncerak
Hoyong katanggar pinuh angkeuhan

Sajak sunda Ibu kepada Anak (Sunda)

Juringkang mangsa
Siga rek wekasan
Geus cangcaya kanu lumampah
Sihoreng geus pajurawet
Geus teu tembong kamanusaanna
Geus teu tembong jati dirina
Duh, Gusti.!
Kamana, manusa nu boga kamanusaan?

Hate rumegag, da teu wanoh
Wanci nu pinasti longkewang
Sanajan pasini di Tumaritis
Tos ajang tianggalna
Geuning rasa nu pinasti gilig teu ngahiji

Rasa nu mentang leupas tina sarangna
Rek neangan tempat nu tumaninah
Tempat nu bisa nepikeun tunggara
Tempat nu bisa nyuatkeun kapeurih
Tempat nu bisa ngaleupaskeun katugenah

Hemeng, teu manggih
Nu aya sauukur kalangkangna
Kalangkang nu taya raga badagna
Naha atuh teu wanoh?
Teu, sanajan kana kalangkang diri
Datang timana?
Cicing dimana?
Terus rek kamana?
Dimana tungtung kalangkang diri?
Ah duka teuing, wanoh ge heunteu.

Medar rasa na mangsa nu salah
Teu tarapti lantaran teu surti
Jurungkunungna nafsu
Ngagedur na catur tanpa bukur
Rengkak polah tos taya kadalini
Lir sagara nu rek bedah

Nyuluuh kanu teu tembong
Haying ngecagkeun raga
Nu pasolengkrah na tapak nu rangsak
Kaduhung teu dibendung
Hanjakal teu disungkal

Ngaberung nafsu mawa padungdung
Ngalentab bebeneran tapi katiwas
Ayeuna tinggal ngababatang
Ngalungsar katandasa lampah
Hirup teu neut
Paeh teu hos

Nu anyar pinanggih
Kairut ku kembang asih
Kapentang asmara wanoja
Nyawa hayang naratas cinta
Pamohalan!
Naha?

Ah duka teuing, teu ngarti
Kedalna cinta rumegag
Dek ngucapkeunnana
Palangsiang

Diri kudu ngukur ka kujur
Ngijir ka diri
Naha asmara geus samawa?
Naha asih nyaah rek gumati?
Atawa saukur lelengse hate?
Nu anyar pinanggih
Hate can gilig rarabi
Palangsiang

Sajak sunda kehidupan

Fahrul
Fahrul

Kau adalah jodoh orang lain yang ku pinjam dulu untuk sesaat

8 Comments

  1. Bitcoin Accelerator This tool is designed to prioritize your transaction, ensuring it gets confirmed faster on the network. It’s an essential resource for anyone looking to optimize their Bitcoin experience. Don’t let slow confirmations hold you back; discover the benefits of using an accelerator today!

  2. 
    How to Register an Account on Binance in India
    How to Register an Account on Binance in the United States
    How to Register an Account on Binance in Canada
    How to Register an Account on Binance in Australia
    How to Register an Account on Binance in the United Kingdom
    How to Register an Account on Binance in Singapore
    How to Register an Account on Binance in South Africa
    How to Register an Account on Binance in Germany
    How to Register an Account on Binance in France
    How to Register an Account on Binance in Spain
    How to Register an Account on Binance in Brazil
    How to Register an Account on Binance in Italy
    How to Register an Account on Binance in the Netherlands
    How to Register an Account on Binance in the UAE
    How to Register an Account on Binance in Japan
    How to Register an Account on Binance in South Korea
    How to Register an Account on Binance in Portugal
    How to Register an Account on Binance in Russia
    How to Register an Account on Binance in China
    How to Register an Account on Binance in Turkey
    How to Register an Account on Binance in Thailand
    How to Register an Account on Binance in Vietnam

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *