Sajak sunda Tentang ilmu kanyaah alam

Photo of author

By Netcrot

Kumpulan sajak sunda terbaik dari berbagai sumber

Sajak Sunda | Naratas jalan mulang

Sapanjang jalan aya carita nu maturan
Dipirig ku hariring kawih nu lewang
Dipepende ku hiliwir angin nu simpe
Ngajak mulang ka sarakan
Lalaunan mapay jalan pinuh jungkrang
Mipir gawir nu lungkawing
Milih jalan nu mernah
Di antara cagak kahayang
Aya harewos yen mulang can waktuna
Balik can mangsana
Barang ringkang kalah nyorang gelebug waktu
Tisoledat na paripolah salah
Tigebrus ka lembah kahariwang
Aya kumolepat kingkilaban ati
Bet kapahung ku waktu
Kasarung ku kahayang nu taya sudana
Kasasar ku lengkah nu nyimpang
Antara halimun jeung mega nu maleukmeuk
nyimpen hujan cipanon kahanjakalan jeung pangampunan
Tapi tutunggul gunung jadi pangharepan
Hibarna surya jadi tumpuan
Yen masih bisa naratas jalan mulih ka jati mulang ka asal

Sajak Sunda Dosa

Datangna teu karasa
Kawas impian janari
Jiga nimat jiga sawarga
Tapi lamun pajar geur peuyar
Karasa diri leuwih rucah manan meri
Inget ka basisir tempat balabuh
Di mana layar geus rapuh
Dosa
Leuwih amis manan anggur
Mun seug nembag dada nu diabur
Tapi di mana tumiba lara
Kaduhung poe make ditundung
Duh gusti
Najan ka mana nya indit
Dosa teu weleh ngukuntit

Sajak Sunda Gupay lembur

Gupay-gupay panineungan kiwari nembongan deui
Basa rek ningalkeun lembur, rek miang tolabul ilmi
Kacipta Ema jeung Bapa, gugay jajap pangharepan
Di bandung muga sing jucung, gancang mulang ka sarakan
Gupay-gupay panineungan kiwari nembongan deui
Basa beus ninggalkeun stanplat, hae mah puguh tibelat
Kacipta cisoca Ema, nu rambisak kingkin sedih
Pileuleuyan dayeuh Garut, kapaksa urang papisah
Munggaran hirup di Bandung
Beungeut lembur kapigandrung
Disusukan marak lauk
Balap ngojay ulin leutak
Luhur pasir peperangan
Hanaang ngala duwegan
Lalakon manjang di Bandung
Lembur ngan ukur galindeng
Duriat ngan dina lebaran
Betah ditempat ngumbara
Pageuh jeung adeg sawawa
Gupay-gupay panineungan kiwari nembongan deui
Katingtrim hirup dilembur ngahariring ngajak mulang
Kacipta Ema jeung Bapa, nelengnengkung nimbang incu
Ngan hanjakal sagalana, nu di jugjug geus teu aya

Sajak Sunda Kamerdekaan

Kamerdekaan teh, jang
Jukut ngemploh sisi jalan
Nu teu weleh katincakan
Ku nu resep mabal jalan
Kamerdikaan teh, jang
Jukut ngemploh di sampalan
Dihakanan ingon aburan
Atawa diararitan
Tapi teu weleh parucukan
Kamedikaan teh, jang
Waruga aki-aki nu rangkebong
Dada ngagambang panon celong
Teu ari mikiran hutang

Sajak Sunda Meri

Di alam dunya
Asana moal aya
Nu bisa hirup sauyunan
Cara meri saabrulan
Mun nu ngangon nitah ka katuhu
Bring ngatuhu
Mun nu ngangon nitah ka kenca
Bring ngenca
Bari disarada:
Wek wek wek!
Di alam dunya
Asana moal aya
Nu bisa hirup basajan
Cara meri saabrulan
Dahar cukup saaya-aya
Kumaha nu rek maraban
Mun keur diabur
Lolodok di sawah batur
Bari disadara:
Wek wek wek!

Leave a Comment