Kesedihan dalam hidupku | sajak sunda

Photo of author

By Netcrot

Kumpulan sajak sunda tentang kesedihan dalam hidupku yang di alami oleh setiap umat manusia

Hariring katresna ngamuara dina dada, Ngagalindeng geugeutna katineung rasa ,Ngalangkangan ngagupay tilam kaheman, Geuri peurihna ati narawangan mangsa tepang (kesedihan dalam hidupku)

Keclakna cisoca mapaesan ati gandrung kapidangdung
Geter katineung ngawangwang kalbu manteng nuliwung
Nyanding sumalanding ngarambah bagja lamunan

Asih peurih nu baris neumrag.. lara mun kalakonan
Diri nu leungiteun puntangan pangharepan
Disuluran kaasih kageugeut anu maneuh (sajak sunda)

Nu janten pangreugreug kalbu tingtrimna ati
Anu saenyana teu kedah tumiba kana diri
Kiwari kadeudeuh geus nyangreud pageuh
Keueung mangsa ngambah nubakal karandapan

Nanging geterna katresna ngamuara dalah kumaha
jeritna ati nu nalangsa taya tangan pangawasa
mungguh kapeurih sabudeureun cinta urang (sajak sunda)

Kalbu nguyung ngarungrung angen jeung pangharepan
Kasmaran ngahudang ewuh jeung pamadegan
Nalangsa nyawang laksana inggis nilas mungkas satiana cinta

Mung ka Alloh abdi muntang Mung ka Gusti Illahi Robbi abdi nyungkeun pitulung
Teu daya Teu upaya Anging Alloh Nu Maha hampura

Leave a Comment